Album Cover Nami Abdi Jurig

Nami Abdi Jurig

Doel Sumbang

3

Nepangkeun nami abdi Jurig

Padamelan ngaheureuyan

Dugikeun ka nyilakakeunTeu di kampung, teu di kota

Pokona di mana-mana

Hebatnya? (Sia)

Nepangkeun nami abdi Jurig

Réréncangan jalmi ageung

Sobat dalit konglomerat

Sareng pajabat nu bangsat

Nu sok nipu rakyat

Hebatnya, lah (sia)

Abdi resep bergaul sareng aranjeunna

Teu seueur carios, nu penting seueur artos

Halal-haram tara janten pasualan

Nu penting makmur, wareg beuteung, wareg buzur

Nepangkeun nami abdi Jurig

Pami salira kabita

Palay ngajago di dunya

Kedah siga aranjeunna

Halalkeun sagala cara

Akhérat mah kuma′ jaga (jurig sia)

Kuma' jaga

Da ai kuring mah angger wéh jurig

Angger wéh naraka

Nu penting mah di dunia urang jaya

Jadi bandar-bandar togél atuh urang téh

Ngilu-ngilu dahar duit tina togél atuh?

Nepangkeun nami abdi Jurig

Padamelan ngaheureuyan

Dugikeun ka nyilakakeun

Teu di kampung, teu di kota

Pokona di mana-mana

Hebat (sia)

Nepangkeun nami abdi Jurig

Réréncangan jalmi ageung

Sobat dalit konglomerat

Sareng pajabat nu bangsat

Nu sok nipu rakyat

Hebat, pan? (Sia), ah

Abdi mah resep bergaul jeung aranjeunna

Teu seueur carios, nu penting seueur artos

Halal-haram tara janten pasualan

Nu penting makmur, wareg beuteung, wareg buzur

Nepangkeun nami abdi Jurig

Pami salira kabita

Palay ngajago di dunya

Kedah siga aranjeunna

Halalkeun sagala cara

Akhérat mah kuma′ jaga (jurig sia)