Album Cover Awewe Sapi Daging

Awewe Sapi Daging

Doel Sumbang

3

Aya awewe jaman ayeuna

Ngaku awewe modern

berkarier penuh obsesi

sagala hayang siga lalaki

ceunah emansipasi

bari utek na teu ngarti

bisnis beurang peuting

bisnis naon duka teh teuing

salaki na di imah ngajaga tulak panto

anak na diasuh

cukup ku suster jeung babu

hayang na mobil mewah ngabelaan jadi runtah

ngarepkeun ti salaki ceunah duitna teu cukup wae

emas berlian renceum ngaku bati tina bisnis

padahal mah hadiah ti rupa-rupa bayawak

awewe nu kieu lain awewe modern

tapi sapi daging peunciteun tukang jagal

nganut emansipasi kaluar tina aturan

montong ngawalan kodrat

bisi ngadon jadi bejad